Minggu, 30 Mei 2010

LALAMPAHAN

Dina dinten ahad kaping 30 Mei 2010. abdi, peri, yusup lalampahan ka situ cipiit di kabupaten sukabumi. abdi mangkat ti bumi tabuh 06.00. jalanna jalan Cikaret teras ka kadupugur, nepi ka leuwi dinding kec. jampang tenagh. kawitna abdi sareung rerencangan bade ka situ cipiit, kumargi waktos nu tos siang, janten lalampahan teh ka bibina Agung anu mondok di kp. Leuwi Dinding. Ambuing, tebih geningan bumina teh! abdi sareung peri tos teu kiat mapah. namung da tos di tengah-tengah jalan, janten kersa teu kersa dipaksakeun kedah tepi ka bumina bibi yusup. kirang langkung tabuh 09.10 abdi sarerea dugi ka bumina bibi yusup. ambuing, bibina yusup nuju ka luar bade ngajajap puterana nu alit lebet sakola SD. abdi, peri, yusup ngobrol sabari rehat di bumi bibi yusup dugi ka tabuh satengah sawelas. tras abdi sarerea uih jalan leuwi dinding anu brasna ka jalan raya Babakan atanapi ka Al-Huda. Yusup alimeun diajak ka jalan Babakan, pasalna anjeunna gaduh saderek di Al-Huda. Jauh-jauh oge kapaksa ka Al-Huda. tabuh satengah dua welas abdi sarerea dugi ka bumi ua yusup. E, dasar yusup! panyana teh bade ngoborl heula, tibang we say to hello. kirang langkung 3 menit di bumi ua yusup, abdi sarerea amitan. tras uih ka bumina peri supriatna.
mung sakitu carita lalampahan abdi sareng rerencangan. hatur nuhun parantos di aos. mugi-mugi aya manfaatna.



Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More

 
Top Web Hosting | manhattan lasik | websites for accountants